Rabu, 30 September 2020

SOBAT

Sobat.... 

Aranjen teh sobat sejati

Sobat nu salawasna aya

Basa kabungah jeung kapeurih

Tempat namplokkeun kabungah,kakeuheul,kanyaah

                         

Sobat...

Kajen pasipatan urang bareda

Tapi eta nu beda kudu jadi warna

Dina iye duduluran


Sobat...

Moal lila deui arurang bakalan papisah

Bakal pajauh,bakalan mopohokeun urang sadayana

Kajeun urang papisah,kajeun urang pajauh

Tapi tetep hate urang reureujeungan


                                                Karya: Eva Melinda

                                                Kelas : XII - IPS

Jumat, 25 September 2020

Jumat, 31 Januari 2020

Contoh Biografi Babaturan

Biografi Bahasa Sunda Babaturan
 

Putri Salsabilah Azzahra

            Dikelas kuring ngagaduhan réréncangan nu namina Putri Salsabilah Azzahra . Tiasa dipanggil Putri. Ajeunna lahir tanggal 29 Februari 2002 di Jakarta. Anjeunna cicing di Jln. Bareng aku kapan RT100/150 Desa Kangen Kecamatan ketemuan Kabupaten Jadian.

          Anjeunna anak opat ti  lima sadulur . Warsih 2008 anjeunna neruskeun atikanana di SDN 1 Maju Mundur . Warsih 2014 anjeunna neruskeun atinana di SMPN 1 Maju Mundur . Warsih 2017 anjeunana neruskeun atinana di SMAN 1 Maju Mundur.



          Anjeunana ka asup siswi berpréstasi , nalika SD anjeunna Juara 1  lomba makan kerupuk pada peringatan hari kemerdekaan RI . Wanci di SMP anjeunna rajin ngiring éskul Pramuka nanging ngan dugi kelas 2 hungkul , margi anjeunna kedah fokus kana ujian nasional.
Conto di luhur... referensi ngadamel nyalira, ieu hasilna:

Sunda 11s - 7 BIOGRAFI

Biografi (Basa Sunda)
    Nyaeta pedaran anu ngalakonkeun kahirupan saurang tokoh. Anu nulisna pihak sejen. Otobiografi nayeta ngalakonkeun hirup nu ditepikeun ku soranganna.

    Unsur-unsur biografi bentuk narasi:
  1. Dedeg pamadeg
  2. Pasualan ngarang
  3. Kahirupan keur leutik
  4. Kasam tukang di kaluarga
  5. Riwayat pendidikan
  6. Karier
  7. Kaparigelan
  8. Karya

    Biografi nu bentuk formulir :
  1. Ngaran lengkap
  2. Jenis kelamin
  3. Status
  4. Agama
  5. Ngaran kolot
  6. Alamat
  7. Nomor telepon atawa e-mail
  8. Riwayat pendidikan atawa kursus-kursus
  9. Pangalaman berorganisasi
  10. Pangalaman kerja
  11. Pangalaman bidang penelitian
  12. Karya-karya
  13. Penghargaan-penghargaan/pangajen